Posted by you

Your Titel

Descriptions here

Ngeblog Offline
Posted by you

Your Titel

Descriptions here

Tab View Slide
Posted by you

Your Titel

Descriptions here

tab view sederhana

Senin, 09 Maret 2009

sasakala majalengka


SASAKALA MAJALENGKA




Dina abad ka XVI, di wewengkon Majalengka ayeuna aya tilu Karajaan Cakra Ningrat ngaheuyeuk karajaan-karajaan Rajagaluh, Pucuk Umum di Talaga jeung Nyirambut Kasih ratu Sindangkasih.

Nyirambut Kasih lain bae geulis kawanti-wanti, tapi deuih kawendar sakti. Ratu anu gede wibawa jeung gede komara, sarta jadi panutan masyarakat.

Sabagian tina wewengkon Sindangkasih teh masih mangrupa leuweung di antarana tutuwuhana aya anu disebut tangkal maja, anu khasiatna pikeun nyageurkeun kasakit muriang.

Teu jauh ti Sindangkasih, di Cirebon aya Seh Arif Hidayatulloh. Jaman harita di Cirebon sumebar kasakit muriang. Loba anu kaserang.

Syarif Hidatulloh ngutus Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah pikeun neangan buah maja sangkan urang Cirebon anu katerap panyakit muriang calageur deui, nya terus bae utusan teh arindit nya bae, salian tirek neangan buah maja teh, Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah boga tujuan sejen nyaeta rek nyeubarkeun Agama Islam.

Tantaran utusan ti Cirebon daratangna ka Sindangkasih heunteu permisi heula, Nyirambut Kasih heunteu sakarun wewengkon kakawasaanna di tincak ku jalma lain. Nyirambut Kasih ngawatek kasktianna. Leweung nu asalna pinuh ku tangkal maja teh langsung ngaleungit. Eta utusan teh teu manggih anu diteanganana, lantaran tangkal maja anu tadina loba teh jadi eweuh.

Majane langka, majane langka” ceuk ceuk utusan dina basa cirebon, nu maksudna majana euweuh.



Nya neulah bae jadi Majalangka terusna dirobah jadi Majalengka.

Sanajan anu diteanganana teu kapanggih oge, pangeran Muhamad jeung Siti Armilah henteu terus mulang ka Cirebon, ceuk angkeuhanana sugan wae dina hiji waktu mah bakal manggihan tangkal Maja, Jadi eta utusan teh teu eureun-eureun neangan tangkal eta, bari sakalian nyebarkeun agama Islam.

Sabada gawurukan bagbagan agama islam kabalarea disaumbara tempat Pangeran Muhamad terus matuh digunung Margatapa, ari Siti Armilah itikap satekah pilah pikeun ngaislamkeun Nyi Rambut Kasih ngan keukeuh teu hasil Nyi Rambut Kasih teuteup kana agamana, tapi kaahirnamah ngahiang.

Sabada ditinggalkeun kukarajaan Sidang Kasih aya dina kakawasan Cirebon sarta sateurusna mah Majalengka. Pangeran Muhamad tilar dunya, dimakamkeun di Marga tapa, ari Siti Armilah mah dimakamkeun di tukangeun Pendopo Kabupaten Majalengka, ayeuna anu kateulahna makam “Ki Bedeng Badori”.




















Keunging :

Ahmad Hanafiah

Kelas : XII IPA

























Tidak ada komentar:

 
Untuk tampilan terbaik blog ini gunakan Mozilla Firefox Green Template is proudly powered by Blogger.com | Template by Amatullah | Template Design